Syech Maulana Mansyurudin kasohor nami Abu Nashr, Abdul Qohar, sareng
Sultan Haji, anjeuna putra Sultan Agung Tirtayasa Abdul Fattah.
Ceuk sakaol nalika taun 1651 M, Sultan Ageng Tirtayasa (Abdul Fattah) liren
tina kasultanan, dipasrahkeun ka putrana nyaeta Maulana Mansurudin Sultan
katujuh Banten, kinten-kinten 2 taun janten Sultan teras angkat ka Mekah.
Kasultanan dipasrahkeun ka putrana nyaeta Sultan Abdul Fadli, nalika angkat
ka Mekah Syech Maulana Mansur dipasihan wasiat ku ramana nyaeta upami
angkat ka Mekkah ulah mampir ka tempat sejen kedah langsung ka Mekkah
lajeng ti Mekkah kedah langsung ka Banten.
Dina sajeroning lalampahan ka Mekkah Syech Mansur hilap ka wasiat sepuhna
anjeuna singgah heula ka pulau Majeki, di dieu anjeuna nikah sareng ratu
jin gaduh putra hiji.
Salami Maulana Mansyur di pulau Majeki, Sultan Adipati Ishaq di banten
kena rayuan Walanda nu antukna anjeuna janten diangkat sultan ku Walanda.
Nanging sultan Abdul Fattah teu nyatujuan kedah ngantosan Maulana Mansyur,
lajeng aya kakacauan nu ahirna dongkap kapal anu ngaku Maulana Mansyur
sarta nyandak barang-barang ti Mekkah, dongkapna Sultan palsu ti Palabuhan
Banten ka Surosowan karaton Banten tetep ngangken Sultan Haji Abu Nashri nu
ahirna jalmi-jalmi percanten, mung Sultan Ageng nu teu percanten, padahal
Sultan palsu the Raja Pendeta turunan Jin ti pulo Majeki. Sultan Agen
dipikahewa ku sarerea, lajeng aya peperangan antawis Sultan Ageng sareng
Sultan Haji palsu, nu ngabela Sultan Ageng nyaeta Tubagus Buang. Salajengna
kabar ayana perang ka Maulana Mansyur nu aya di pulo Majeki yen aya perang
ageing di Banten lajeng anjeuna emut kana wasiat sepuhna nu tos dilanggar,
anjeuna angkat ti pulo Majeki ka Mekkah nyuhunkeun dihampura tina sagala
dosa di Baitullah.
Saparantos kitu rupina tobat ti anjeuna ditampi ku Gusti Allah SWT sarta
dipasihan sababaraha elmu panemu sareng karomah. Anjeuna emut ka Banten
sareng izin ti Allah SWT anjeuna neuleum di sumur zam-zam lajeng muncul di
Cibulakan, Cimanuk bari nyandak kitab suci Al Qur #8217;an dipanangana
lajeng eta Qur #8217;an janten batu nu aya tulisan Qur #8217;an eta tempat
ayeuna katelahna #8220;Batu Qur #8217;an #8221; nu dikurilingan ku cai.
Sadongkapna ka kampung Cikoromoy teras nikah ka Nyai Sarinten gaduh putra
namina Muhammad Sholih jujulukna Kyai Abu Sholih, salami di Cikoromoy
anjeuna ngajarkeun syareat Islam. Nyai Sarinten pupus teras dimakamkeun di
Pasarean Cikarayu Cimanuk. Syech Maulana Mansyur pindah ka Cikadueun bari
nyandak khadam Ki Jemah teras nikah ka Ratu Jamilah ti Caringin Labuan.
Dina hjiji waktos Syech Maulana Mansyur ngadangu soanten meong heras pisan,
barang ditingali sihoreng eta meong dijapit ku kima, eta meong meredih
menta tulung ka Syech Mansyur sangkan ditulungan, kumargi Syech Mansyur wali
sareng ngartos kana basa sato sapada harita eta meong tiasa dilepaskeun tina
kima. Saparantos kitu eta meong dibeat ku Syech Mansyur nu eusina kieu
#8220;Maneh meong ulah ngaganggu ka sakur anak turunan kami #8221;, eta
meong dikalungan surat Yasin dibehengna dipasihan nami si Pincang atanapi
Raden Langlang Buana, Ki Buyut Kalam. Eta Meong janten rajana meong di 6
tempat nyaeta Ujung Kulon ratuna Ki Maha Dewa, Gunung Inten ratuna Ki Bima
Laksana, Pakuwon Lumajang ratuna Raden Singa baruang, Majau ratuna Raden
putrid, Manitung Nyayat nu sirahna dicalikan ku Si Pincang. Syech Maulana
Mansyur pupus di Cikadueun, Pandeglang, Banten sarta dimakamkeun diditu taun
1672 M
sumber : yahoogroups