ULAMA BANTEN NU NGADUNIA
Syeikh Nawawi Al-Bantani nu kasohor disebat Sayyidu Ulama Hijaz (Pamingpin
Ulama di daerah Hijaz (Saudi Arabia) nyaeta urang Indonesia nu lahir di
Banten sareng turunan ti Maharaja Tatar Sunda Prabu Siliwangi. Anjeuna
seueur nyeepkeun waktosna kanggo ngajar sareng ngarang kitab dina widang
tafsir, hadits, nahu, sharaf jst.
Ampir sadaya ulama Indonesia murid anjeuna malihan aya murid-muridna nu
janten tokoh Nasional. Sanawis janten guru kanggo ulama Indonesia anjeuna
oge guru kanggo ulama di Singapura, Malaysia, Fatani (Thaland), jazirah
Arab, jst.
Kitab-kitab karangan anjeuna dugi ka ayeuna seueur janten bahan literature
pengajian ku Lembaga Pendidikan Islam di nagara sanes, contona di
Universitas Al Azhar Kairo Mesir.
Syech Nawawi Al-Bantani diwedalkeun dina taun 1813 M atanapi taun 1230 H di
desa Tanara Kacamatan Tirtayasa, Serang, Banten, anjeuna turunan ti Sultan
Maulana Hasanudin ti Syarif Hidayatullah ti Rara Santang ti Prabu
Siliwangi.
Dina yuswa anom keneh anjeuna guguru ka KH Shal Banten sareng KH Yusuf
Purwakarta lajeng dina yuswa 15 taun anjeuna neraskeun nyiar elmuna ka
Mekah Al Mukarommah sareng di ajar ka ulama sohor jaman harita sapertos
Syech Sayyid Ahmad Nahrawi, Syech Ahmad Dimyati, Syech Ahmad Zaeni Dahlan,
Sayyid Muhammad Hambal Al Hambali, Syech Khatib Sambas, Syech Abdul Ghani
Bima, Syech Yusuf Sambulawani. Saparantos 3 taun anjeuna mulih deui ka
Tanara saparantos apal Al Qur #8217;an sareng elmu sanesna sapertos mantic,
kalam , hadits, jsb. Anjeuna linggih di kampungna teu lami lajeng dina taun
1830 mulih deui ka Mekkah Dina taun 1870 anjeuna janten anjeuna ngawulang
di masjidil haram seueur murid-muridna nu dongkap ti Indonesia.
Murid-murid Syech Nawawi
KH Kholil Bangkalan Madura, ulama ageng nu gaduh pangaruh di jawa Timur
sareng nu ngalahirkeun ulama-ulama besar
KH Hasyim As #8217; ari (Pendiri NU, akina Gus Dur), anjeuna nu
ngadirikeun pasantren Tebu Ireng di Jawa Timur, sareng Pahlawan Nasional.
KH Asnawi Kudus Jawa Tengah, anjeuna ulama panutan nu pangaruhna sa pulo
Jawa sareng ngalahirkeun ulama-ulama ageing.
KH Asnawi Caringin Labuan Banten, ulama nu dugi ka ayeuna makamna sok
dijarahan ku sakurna jalami ti mana-mana.
KH Tb Bakri Sempur Purwakarta, anjeuna sohor disebat #8220;Ajengan
Sempur #8221; nu santri-santrina seueur janten ulama besar di Jawa Barat
KH Dawud Perak, Kuala Lumpur, Malaysia, ulama sohor di Kuala Lumpur
Malaysia.
Kitab-Kitab karangan Syech Nawawi Al-Bantani seueurna 115 kitab sadayana
disusun nganngo bahasa Arab fushah hal ieu anu nunjukeun yen anjeuna mahir
pisan dina bahasa Arab, ulama Timur Tengah nyalira salut dina karangan
kitab-na nu nganggu bahasa Arab nu sae (fushah), anapon kitab-kitab nu
dikarangna nyaeta :
Marah Labid (Tafsir Munir), Nihayatuzen, At _tauseh, As Simarul Yaniah,
Tanqihul Qaul, Nurudh dhalam, Fathul Majid, jrrd.
Syech Nawawi Al Bantani pupus dina kaping 25 syawal 1314 /1897 M di tempat
perkampungan Syech Ali Al Mukarammah Saudi Arabia dina yuswa 84 taun,
anjeuna dimakamkeun di pemakaman Ma #8217;la caket makam Siti Asmah puteri
Abu Bakar Shidiq sareng ulama ageing Syech Ibnu Hajar dugi ayeuna makam
anjeuna dijarahan para jamaah ti Indonesia, Singapura, Thaland, jrr.
sumber : yahoogroups